Pasawahan Panineungan


Di Ciamis, pasawahan ngagupayan. Ngajak urang balik ka lembur indung, pamatuhan bapa jeung kabeh baraya. Najan pasawahan aya dimana-mana, tapi nineung ati teu pindah ka tempat lian. Rek dimana urang ayana isukan dina mangsa sareupna nu tacan tangtu kasorang? Di geledegan gedong jangkung ibukota? Di pangumbaraan jauh di panyabaan? Atawa hayang mulang?

Sok sanajan awak katalikung ku kawajiban, kudu incah ka lemah jauh ti pasawahan lembur urang, tapi ari getih mah angger getih nu asalna taneuh Ciamis. Sanajan nepi ka tungtung dunya, urant teh urang Ciamis. Kasono ka pasawahan di sisi lembur, anu ngemploh hejo ngagupayan, hamo dibangbalerkeun ku kutap ketipna lampu mewah di jalan aspal, di kota nu baranang, di alam panyabaan nu hareudang ku hawa kadunyaan.

Urang hayang balik, balik ka pasawahan lembur urang. Murak timbel, murak sambel. Atawa liwet anu haneut jeung seungit. Kulub peuteuy, beuleum peda. Ngariung dina saung. Saung urang Ciamis, nu aya di pasawahan alam panineungan...

0 komentar:

Post a Comment