Nu Paturay Ba'da Boboran di Ciamis

Haturan urang Ciamis, kumaha daramang? Hapunten mang Admin rada melid ngapdet blog ieu. Kaluli-luli ku urusan-urusan sanes, dugikeun ka ahirna blog teh siga bumi kosong dikantun juraganana hehe. Mangga nyanggakeun wartos enggal ti tatar Ciamis. Hapunten bilih pikasediheun...

CIAMIS, (PRLM).- Dibandingkan sareng wewengkon sanes, angka perceraian di Tatar Galuh Ciamis kalebet punjul. Saba'da boboran siam dugi ka tengah sasih Oktober, Pengadilan Agama Ciamis nyatet aya 507 kasus perceraian, atanapi naek kinten-kinten lima puluh persen dibandingkan sateuacana.

"Angka perceraian di Ciamis kalebet ageung dibandingkan daerah sanes. Sasih saom kamari kacatet aya kinten-kinten 350 kasus, saatos lebaran dugi ka dinten Rebo (13/10) kacatet naek hampir lima puluh persen, nyaeta janten 507 kasus," kitu kasauran Humas Pengadilan Agama Ciamis, Anang Permana, Kemis (14/10) di rohangan damelnya.

Anjeunna netelakeun, dina dinten munggaran lebet damel atanapi kaping 14 September 2010, total perceraian anu dicatet di PA Ciamis jumlahna 3.273 kasus, sedangkeun kaping 13 Oktober naek janten 3.780 kasus.

Dina lebet sasih puasa rata-rata tiap dinten nampi pendaftaran cerai sueurna 20 dugi ka 30 kasus, atanapi tiap sasihna antawis 350 - 400 permohonan cerai.

Numutkeun Pa Anang, dibandingkan sareng jumlah anu ngajengkeun perceraian, persentaseu pasangan anu sapuk rujuk deui jumlahnya saalit pisan. "Nu milih marulih rujuk deui, hartosna berkas dicabut, jumlahna kirang ti sapuluh persen," saur Pa Anang nu oge mangrupi salah saurang Hakim di PA Ciamis.

Didasarkeun kana keterangan anu ngarajukeun cerai, Pa Anang oge mertelakeun yen seuseueurna kasus patali kana pasualan teu cocogna antara caroge sareng garwana. Salian ti eta aya oge pasualan ekonomi, campur tangan pihak luar sepertos ayana wanita idaman lain (WIL) atanapi pria idaman lain (PIL). "Nu dijantenkeun alesan ngajukeun cerai nya mung eta. Faktor ekonomi, caroge teu tanggung jawab, atanapi aya pihak katilu," kitu kasauran anjeuna.

Ageungna angka perceraian pasca lebaran upami dibandingkan sareng waktos sasih puasa, tos diperkirakeun ti anggalna. Sapalih pasutri memang milih ngarengsekeun 'urusan' seba'da lebaran. "Nyata pisan perkiraan abdi kabuktosan. Pasca lebaran jumlah pemohon nu hoyong cerai nambih seueur," saurna. (A-101/das)***

sumber wartos: pikiran-rakyat.com

0 komentar:

Post a Comment