Amin Hidayat: Maju Terus Pantang Mundur!


Bari jeung leumpangna cingked, Amin Hidayat (30 taunan), warga Desa Sadewata, Kacamatan Lumbung, Kabupaten Ciamis, Propinsi Jawa Barat, ngadagangkeun sapu jeung kamoceng ngaliwatan Jalan Tamansari, Kota Bandung, Salasa (6/1).

Suku Amin cacad sanggeus ngalaman katabrak motor sataun katukang. Kusabab kudu nanggung-jawab nganapkahan kulawarga, bari jeung hanjakalna kurang modal tur minim kabisa, akhirna manehna kapaksa terus ngurilingan kota Bandung balantik sapu jeung kamoceng.

Unggal poe Amin mapay-mapay jalan di Kota Bandung, malipir sisi jalan supaya teu katabrak deui. Lolobana para supir -anu mobilna harade- teu malire kana nasibna, sok komo anu numpak motor mah kalahka weh sering nyarekan manehna.

Amin satia ngaliwatan gang-gang di sabudeureun kota Bandung anu heurin ku tangtung, pikeun natawarkeun daganganana. Tapi teu loba anu meuli barang daganganana kusabab pasar modern anu ngawujud trade center, mal, jeung plaza geus sayaga nedunan kabutuhan warga Bandung ku cara nyiapkeun produk-produk sarupa jeung barang dagangan Amin, bari hargana leuwih murah!

Kacida beuratna perjoangan hirup Amin, tapi dalah dikumaha deui atuh. Ukur nguriling ngajual sapu jeung kamoceng anu bisa dileukeunan ku manehna...

ditarjamahkeun tur dicutat ti: KOMPAS

0 komentar:

Post a Comment