Sanggeus tunya-tanya ka babaturanana, Si Jay ahirna mangmeulikeun Topi buleud keur si Neng.
Ngahaja meulina oge di Mol, meh model jeung warnana bisa milih sakarep. Sanggeus pulah pilih, buru-buru si Jay ka kasir.
Ku sabab keur rame tea, si Kasir nu biasa mungkusan barang-barang balanjaan teh rada riweuh, antukna topi nu dibeuli ku si Jay patukeur jeung Calana Jero nu dibeuli ku ibu-ibu nu ngantri disabeulahna.
Kusabab teu sabar hayang buru-buru mikeun hadiahna, si Jay teu mariksa deui eusi bungkusanana.
Kotret nyieun surat, tuluy diabuskeun kana bungkusan eta.
Kieu eusi suratna teh:
"Neng..., ngahaja akang mangmeserkeun ieu hadiah keur Neng, kusabab Akang ge apal, Neng tara nganggo ieu mun angkat-angkatan.
Ngahaja milih nu warna beureum, kusabab Akang kungsi ningali neng nganggo nu warna hejo. Akang yakin ukuranana pasti pas, sabab samemeh dipeser, ku Akang dicobian heula. Ukuran urang pan sami. Hoyongna mah neng, Akang nu mang-nganggo-keun ieu ka Neng teh...
Mun Neng resep kana hadiah ti Akang ieu, dinten saptu engke dianggo nya...
salam sono.
-Akang-
NB:
Oh enya Neng, model nu keur usum, ningali dina majalah sareng pilem mah, nganggona teh rada diturunkeun, bari rambutna katingali sakedik..."
(kintunan milis, hanjakal teu disebatkeun sumber aselina)
0 komentar:
Post a Comment