Harga Manuk di Ciamis


"Mang, sabarahaan manuk ieu hargana?" ceuk hiji lalaki ka tukang manuk di Ciamis.

"Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta," jawab tukang manuk daria nakeranan.

"Lamun itu tuh anu cicing bae, eta mah dua juta perak hargana," tandesna bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.

"Harrr, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang?" nu rek meuli teh nanya bari kerung, pinuh ku kaheran.

"His, pan eta manuk anu nyiptakeun laguna....!!" walon tukang manuk santey pisan.

(adaptasi tina kintunan humor di milis, hanjakal teu disebatkeun sumber aslina)

0 komentar:

Post a Comment